Recent Post

Tampilkan postingan dengan label Adat Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Adat Sunda. Tampilkan semua postingan

Jumat, 11 Juni 2010

Upacara Nyambut Panganten

Dina ngalaksanakeun upacara nyambut panganten, kiwari teu kabeh bias ngalaksanakeun, sabab waragadna anu mahal, anu teu mampu mah biasana ngalaksanakeun sederhana. Dina ieu upacara, anu kudu disiapkeun diantarana :
1. Lengser
2. Pamayang
3. Ponggawa
4. Nu tari

Cara ngalaksanakeun :
1. Goong 3x
Prolog :
Pun sawung nuha agung
Nu ngusik malikeun diri


2. Kendang
Abdi-abdi ya robi
Neda widi deg karesmen

3. Kendang
4. Prolog
Demi mangsa satemenan
Hirup teh geus papasangan dina ringkangna
Bagja temen, mulya temen, anaking
Wilujeng rawuh
Di anti-anti kamari
Dilanglangan pasimpangan, sugan geus
Ngembaran beja, nu kasep sareng nu geulis
Dipapagkeun mayang mojang
Di ibingan satria pinasih
Digendingan, disoraan rampak gendang
Dipaying-payung tung-tung, mangga
Anaking geura linggih, wur wangi kasturi
Wur malati asih.
5. lengser jengkar
teras sila tutu, bari ngarajah ngadua kanu maha suci
6. panji/ponggawa, pirig ku gending
7. kacapi suling
prolog :
deg, randeg di pangadeg sawangan kahayang geus ngarawangan didieu tutug rahayu gilig rarabi, wawanen ebreh umbul umbul mancuh saestu mareng jeung warna langit, lir katumbiri, tuh paul diditu ngebreh dina hate junjunan hayu urang geus deukeut geus meumeut, tug kajeueung hayu urang dibale nyungcung urang beungkeut.
8. gending wilujeng sumping
9. ibu ti pihak si istri jengkar
saparantos dugi ngangkalungan mangle
10. kacapi suling
bagae wilujeng rawuh anaking sumangga linggih mangle tawisna wening galih nampi hidep ulah kasmaran anaking mangga niatan ngambah tangga kabagjaan.
11. panganten lebet, pirig ku gending
12. sambung ku santriaan sareng merak
panutup ku prolog, pirig deui ku kacapi suling,
duh, nya arum wangi panilihan wangi, nyambung kembang kabagjaan, kaheman wilangan kalimah Allah. Fatihah sungkeman kembang kalungan
rum….arum……rum…..arum
rum satangtung kana kalbu, minangka tedakna sah papasangan, sumangga angseu saseuseup, tampi galih sanubari, bral anjeun duaan gera miang geura bageakeun surupna panon poe ku mangsa nu pinih ku ka asih
rum…………arum

tutup ku kendang.
More details..
0

Resepsi Pernikahan

Saparantos rengse Akad Nikah, seja diayakeun resepsi, nyaeta di gedung nu aya di fakultas Dakwah UIN SGD BAndung, saparantos sumping rombongan panganten, nyaeta………sareng……, di gedung ieu bade dilaksanakeun sababaraha upacara adapt anu teu acan dilaksanakeun, sapertos nyawer, meuleum harupat, nincak endog, buka pintu, sareng sungkeman.
Prak – prakanana upacara resepsi :
Disambut ku :
1. Pagar bagus bari nyandak umbul-umbul
2. Ua lengser sareng ngarajah
3. Tari ponggawa
4. Tari angraeni pikeun ngabageakeun raja sareng ratu
Rengse tari angraeni Ua lengser nyandak rombongan kapayuneun gapura, reg ngaradeg, teras dua panganten sina calik dina korsi nu aya diluar pikeun ngalaksanakeun nyawer, rengse acara nyawer, diteraskeun ku meuleum harupat, teras nincak endog, buka panto, saparantos buka panto, nembe ngalaksanakeun acara pamungkas nyaeta sungkeman. Tos beres sadaya upacara, nembe dipintonkeun ku tari merak.
More details..
0

Khutbah Nikah

Assalamualaikum Wr. Wb.
(muqadimah serat ku anjeun nyalira)
Amma ba’du, langkung tipayun nyanggakeun puji syukur kana limpah karunia Allah SWT. Sarehna dina wanci nu mustari ieu urang sadaya tiasa ruing mungpulung nungkulan upacara adapt nikah ……………………..sareng……………….., . para pamiarsa kanca mitra anu mulya, langkung tipayun sim kuring neda agung cukup lumur bade ngiring jabung tumalapung ngarewong ngangkolong waktos, ngemban pancen ngadugikeun piwuruk sepuh numutkeun galur rasul, fatwa para ulama. Pamalar anu kateda malah mandar sisieuran, sabeunyeureun aya manfaatna kanggo sadaya pamiarsa katut anu cumarita, khususna kanggo ieu 2 sejoli anu nuju kagunturan madu karagragan menyan bodas anjaelang dina jampana asmara sok sanaos disarengan kendang gede pakauman dag-dig-dug rasaning ati.
Laki-rabi the masalah iztimaiyah, sanes saukur urusan salaki sareng pamajikan wungkul, tapi seueur pisan patula-patalina sareng karabat katut masarakat. Kukituna hirup laki-rabi the pinuh ka rupi-rupi romantika, seuri pacampur nyeri, aya bungah aya susah, lir ibarat lalayaran di sagara. Suka seuri mung seug langit lunglang parahu nyuwuruk maju, tapi sakapeungmah leungit sok angkeub, angina gede ngagelebug, parahu guluang galeong katebak ombak. Tah kumargi eta urang kedah caricing pageuh kancing. Tatan-tatan ti anggalna, sangkan tabah tur tawekal dimana datang cocoba. Malar henteu lieur jeung galideur, urang kedah teguh pengkuh anceg panceg ka Gusti Rabbul Ijati.
Cekel sing pageuh papagon Gusti, ulah unggut kalinduan gedag kaanginan kabawa sakaba-kaba, sing runtut laut rempung jukung sauyunan, sareundeuk saigel, sabobot sapinaheun. Pacuan ulah rek pagirang-girang tampian patukang tonggong aing-aingan ketuk kendang ngaler.
Ngawayuh sanes kangge ngajalur napsu ngumbar kahayang, dawuhan nu Maha Kawasa, ayat tilu surat An-Nisa (serat ku hidep sareng artina).
Urang jahiliyah jaman baheula mun ngurus yatim piatu nu baroga kakayaan tur kabeneran awewe rata-rata sok ngarah ngarinah. Contona kieu : mun istri ngijing sila bengkok sembah-atawa beungeut nyanghareup ati mungkir ka salaki komo mun basangkal nuking nonggong ka Gusti, diwurukan ku sepuh teu ngagugu, etang-etang ngawarah saheulaanan, pek ragragan talak munggaran sugan jeung sugan kapikir kaping burih awal akhir babalik piker.
Atanapi sawangsulna upami caroge luar leor siga oray, legel lebe miyuni santri, padahal lungguh tutut bodo keong, teu kaop reup peuting sawah sakotak kaider kabeh, nu donto diendogan nu lenjang di anjungan, cul anak jeung pamajikan, tah lebah dieu istri aya hak gugat menta dipirak.
Jadi upami rumah tangga awet rajet teu kendat papaseaan unggal poe tambah dosa, di dunya taya kamarasan di aherat di ancam siksa naraka, demi kasalametan dunya aherat mending milih-milih rabi mindah mindah rasa.
Ngalap cekap wejangan ka pamegetna, ayeuna dugi kana giliran bakal panganten istri, sangkan geulis rupi geulis ati, geulis matak kaleleban leleb anteb kana hate caroge, malar tibra ibu rama, tiis ceuli herang panon, mangga regepkeun ieu papagon Gusti , bapamah ngan sakadar rokruk dinyawaan upamina.
Kedah taat ngalaksanakeun agama, ibadah ulah campoleh da urang the bakal paeh, ka caroge kedah sae, pacuan ulang beungeut nyanghareup ati mungkir, salajengna ka sasama babakuna ka ibu rama kedah handap asor sae budi basa.
Dina ngatur rumah tangga kedah tiasa ngeureut miceun pinter neundeun miraweuy sampeureun paikahareupeun, saeutik sing mahi loba sing nyesa.
Ulah mikahayang nu bakal moal laksana, kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak, mun caroge aya di bumi pacuan ulah nyusut bari camberut atawa peperedih bari biwir nyiru rombengan boh bilih salaki nyingkir ngaleos ngadon pelesir. Sedeng pameget mah teu kaopan, upami ngejat ti imah ngojengkang anggang ti kandang gampil keuna ku owah gingsir teu paya ngambeu nu hanyir-hanyir.
Nu kasep sareng nu geulis, upami hidep di pareng ngantunkeun lembur matuh banjar karang pamidangan, imah-imah dipangumbaraan, sing tiasa titip diri sangsang badan pindah cai pindah tampian. Kudu jujur laku hade lampah sangkan mulus bunglus rahayu salamet jatmika taya codeka.
Dina enggoning ngudag-ngudag dunya barana ulah sarakah tunggul diparug catang dirumpak teu tolih bata jeung haram. Hirup di dunya the ngan sakadar ngumbara. Umur katungkul ku pati maot teu nyaho dimangsa, mun geus cunduk kana waktu dipundut kunu kagungan , harta sareng pangkat teu dicandak ka aherat, saukur dibaju hasiwung diharudum boeh larang ngaringkuk dijero kubur, rup ku padung rap ku lemah diurungan taneuh beureum, harta meunang sarakah , pangkat lading ngajilat, teu jadi tatalang raga, gedong sigrong salin rupi jadi liang poek mongkleng, culang-clieung nunggul pinangkarareueung kararetir taya tanding.
Pamungkas ieu piwuruk :
Ulah rek munjung ka gunung, muja ka talaga, gunung mah sok rajeun urug, talaga sok rajeun bedah. Munjung jeung muja mah wungkul ka gusti nu Maha Agung. Nyembah ka pangeran omat ulah dibarengan munjung ka kayu ka batu, atawa muja ka barhala jeung sabangsana, kitu the laku kaliru temahna matak cilaka. Sadaya amal ibadah bakal leungit tanpa lebih hilang tanpa kirana, balukarna disiksa dina naraka taya kendatna.
Habluminalloh hablumminannas, bari nyembah ka pangeran kedah sae ka sasama, mimiti ka ibu rama, sae tagog sae gogog, laku lampah lemah lembut, handap asor ramah tur someah, ulah getas harupateun, ingkar tina tatakrama.
Sing nyaah ka baraya, asih ka nini ka aki, gumati ka adi layeut jeung lanceuk, kudu ngabantu yatim piatu, rumawat kanu walurat, akur ka batur salembur, layeut jeung tatangga beukeut, rukun jeung nu jauh, kudu nulung kanu butuh, nalang kanu susah, mun pareng dipanyabaan mendakan nu katunggaran, kasorang teu ngeunah badan atawa jadi korban kajahatan, buru-buru tulungan sakadugana, nya kitu deui mun dina hiji peuting poek mongkleng buta rajin, dibarung ku hujan leutik ngaririncik, diburuan aya anu kabulusan, omat ulah itu-itu ieu-ieu pura – pura teu miranggeuh.
Ulah songong heuras genggerong, asa aing uyah kidul, goring carek ka saderek, laklak dasar nambalang nyeukseukan bujang, adigung ku payung butut, mulak cangkeng dina kelek, pedah gede rizki luhur kelungguhan.
Mun hidep ginuluran jadi pangagung, pacuan ulah adigung, ulah dolim kanu leutik, ulah maksa mirusa rayat walurat, margi gusti num aha suci teu ngawidian kanu gede ka nu leutik, silih benci jail aniaya ka sasama.
Muga ieu calon panganten panjang pnjung, panjang yuswana, jauh balai parek rezekina, salamet dunya akherat.
Para pamiarsa anu mulya, mung sakieu nu kapihatur, sim kuring saukur suku sambung laku biwir sambung lemek, mugi-mugi ulah aya anu kapiring leutik ngaraos kasindir sampir, boh bilih langkung saur bahe carek bobo sapanon carang sapakan, taya sanes sih haksamina anu tansah kasuhunkeun.

Wassalamualaikum Wr.Wb.
More details..
0

Ngeuyeuk Seureuh

Ngeuyeuk seureuh asal kecapna tina paheuyeuk-heuyeuk jeung beubeureuh/ panutan/ kabogoh, hartina babarengan ngurus/migawe hiji pagawean anu hasilna rapih tur hade. Ngeuyeuk seureuh saenyanamah ngadidik kumaha carana rumah tangga boh lahirna boh batina. Ceuk cohagna mah pendidikan anu ngandung unsure nu serem.
Alat-alat anu kudu disiapkeun :
1. hasil tatanen diantarana seureuh ranggeuyan, mayang jambe, waluh gede, pare gedengan, daun hanjuang.
2. pakean : pakean panganten sapangadeg, sinjang batik 7, sarung
3. hasil karajinan : samak sahelai, hihid, lawon bodas, barera/talenan, nyere 7 siki, kendi, cempor, 7 tempat seureuh, jambe, gambir, bako, 8 sisir, 7 dus wedak, 7 saputangan, 7 dus sabun mandi, 7 eunteung, benang kanteh, 7 hahampangan, duit receh, endog hayam kampong.
4. seupaheun lengkep, bumbu dapur, coet, boboko lengkep jeung cukilna, nyiru, buah tujuh, hahampangan, congcot puncak manik

Cara nyusun ngeuyeuk seureuh :
1. amparkeun samak di tengah
2. hareupeun CPP, bedog, talenan, mayang jambe
3. ditengah samak, jambe ranggeuyan, seureuh lengkep
4. belah kenca CPP simpen pare, waluh
5. hareupeun pangeuyeuk, kendi, hihid, cempor, sisi samak pas payuneun pangeuyeuk alat sawer, lumping, gunting, pakean sapangadeg nu disimpen dina baki, tutup ku sarung
6. CPW duduk di belah katuhu, diluhur samping batik nu ditata, sedangkeun CPP lebah kenca, ibu ramana ngaping putrana masing-masing
Cara ngalaksanakeun ngeuyeuk seureuh
1. pangeuyeuk ngeprakeun sapu nyere.
“anaking hidep duaan, kudu seperti sapu nyere, ulah rek pakia-kia, kacai jadi saleuwi, kalebak jadi salogak, dina ngarumah tangga the kudu gawe babarengan, sabeungkeutan bari tetep pinuh ka asih, tug tepi ka pakotrek iteuk.”

2. pangeuyeuk ngabingbing dua calon panganten muka lawon bodas, teras sarung. CPW+CPP nyepeng tungtung panutup, pangeuyeuk mere aba-aba, hiji…sua…tilu…., sarung digulung
3. pangeuyeuk, tah ayeuna pek hidep duaan angkat baki anu eusina dua pangadeg anggoan, nyanggakeun yen hidep duaan bakal ngahijikeun raja kaya, kudu tetep lembat lembut, susah sareng bungah kudu babarengan disanghareupan, sangkan hidep mampu ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah sareng warohmah, Allah ngadawuh “pamajikan the pakean pikeun salakina, tur sabalikna salaki pakean pikeun pamajikanana”
4. CPW+CPP calik papayun-payun, duanana ku pangeuyeuk sina nyepeng tungtung benang anu 7 lembar anu panjangna dua jengkal, ditungtun ku pangeuyeuk, dua panganten ikrar, “ ibu, bapa, abdi duaan neda widi sareng dua seja ngawangun rumah tangga mugi abdi duaan ginulur karahayuan”
a
Ieu dilaksanakeun mayun ka ibu ramana

5. kadua calon masing-masing nyepeng dua seureuh teras digulung nembe dibeungkeut ku benang, anu ngariung sadayana dipaparin ku seureuh, teras sami digulung pangeuyeuk, sok ayeuna tuangeun anu aya dibagikeun ku hidep duaan, ieu ngandung hartos dimana kagungan rizki kedah balabah, ulah medit kersa sodakoh.
6. motong mayang jambe, dipotong ku CPP, mayang jambe lambing istri anu kedah ati dina ngadidik sareng ngapingna, caroge ulah kasar, komo bari jeung nganyerikeun hatena, ulah pisan, lajeng meulah pinang/jambe, ieu ngalambangkeun yen isteri sareng caroge kedah sabobot sapihanean, sareundeuk saigel silih asah silih asih.
7. CPW+CPP calik papayun-payun, CPW nyepeng lumping, sedengkeun haluna dicepeng ku CPP, sateuacan nutu, CPP kedah ngaos astighfar 3x, syahadat 1x teras solawat 1x, tos kitu giliran ibu ramana, masing-masing ngalaksanakeun anu nembe.
8. rengse eta, CPP+CPW ngodok receh ano tos disiapkeun dina lawon bodas, maksudna dua nana dina milari rizki tiasa sasarengan, pikeun minuhan kabutuhan rumah tanggana, rengse ngodok artos teras nyawer, ditutup ku du’a ku pangeuyeuk.

Acara panungtung miceun pangeuyeukkan
Pangeuyeuk : para wargi sadaya, ayeuna urang tutup ieu acara ngeuyeuk seureuh ku miceun pangeuyeukan, hidep duaan, gulungkeun samak tempat ngeuyeuk, pangku ku duaan, piceun di jalan anu ngolecer, hidep duaan ulah rek ninggal deui ka tukang, hidep kedah manco ka payun pikeun mapag hirup anu anyar, ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah sareng warohmah, kalayan aya dina ridho Allah.

Ket :
CPP : calon panganten pameget
CPW : calon panganten isteri
More details..
0

Ngaras Sareng Siraman

Nu kudu disiapkeun :
1. jambang keur eusi cai
2. kembang melati
3. gayung
4. kendi
5. roncean melati keur nutup dada
6. anduk leutik
7. korsi dua
8. minyak seungit
9. saung pikeun siraman
10. lawon bodas

Cara ngalaksanakeun :

MC muka acara
Ka pangersa bapa/ibu…, oge hadirin anu dimulyakeun ku Allah kalayan widi Allah dina siang ieu, urang sadaya ruing mungpulung bari ginuluran rahmat mantena di bumina bapa………
Anu parantos kauningan ku sadaya, reh na neng…., seja ngalaksanakeun upacara adapt ngaras sareng siraman. Naming sateuacana eta upacara dilaksanakeun, langkung tipayun bade dilaksanakeun pangaosan mangrupi tausiah sareng ngaos Al-qur’an. Supados teu nyangkolong kana waktos, mangga urang sami-sami ngabandungan tausiah anu bade didugikeun ku ibu Haji…..

(tausiah)
Salam bubuka :
Puji syukur urang sanggakeun ka zat Allah num aha suci, anu parantos ngalimpahkeun mangpirang – pirang kanikmatan anu tangtos ku urang moal kaetang, saur paripaos, “dihin pinasti anyar panggih” yen sagala rupa anu kaalaman ku urang parantos titis tulis ti ajali. Salam sareng salawat mugi tetep lumungsur kapanutan urang sadaya nyaeta kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Bapa ibu sadaya, upacara ngaras nyaeta upacara ngawasuh sampean ibu ramana, anu biasa dilaksanakeun sadinten sateuacana upacara walimatul urusy, upacara ngaras nyaeta mangrupi hiji tawir murangkalih anu soleh, anu ngagaduhan akhlakul karimah seja ngabakti ka ibu ramana, seja milari ridho Allah, Allaha ngadawuhan dina Qur’an surat Lukman 14 (baca kuhidep sareng hartosna)………………
Dina ayat nu nembe eces pisan yen urang sadaya kudu ngaji ngabakti ka ibu rama, dugi ka rosul ngadawuh moal dihampura hiji umat upami teu meunang pangampura ti indung bapa.
Para wargi sadaya, dina upacara ngaras ibu rama neng….., baris ngadampal amparan lawon bodas pikeun ngemutan urang yen hirup the katungkul ku pati, waktu urang gelar ka alam dunya, dina kaayaan fitroh, atuh dina mulihna deui ka Allah, urang kedah aya miharep khusnul khotimah, jeung dina mulangna ka Allah mung nyandak boeh jeung amal nu 3 nyaeta, elmu anu dimangpaatkeun, harta banda anu dianggo di jala Allah, sareng do’a putra anu soleh.
Bapa sareng ibu, sateuacan acara ngaras sareng siraman, mangga ayeuna urang sami-sami ngaos Al-qur’an sasarengan, urang masrahkeun hirup sareng maot urang kanu kawasa anu mubreng alam dunya, urang rumaos teu daya teu upaya, anging rahmat ti anjeuna.
(satuluyna ngaji babarengan di pingpin ku ibu haji)
Rengse ngaos, prak laksanakeun ngaras, carana :
MC : sumangga ka ibu ramana neng…, supados ngadeg, teras nepangan calon panganten nu aya di kamar.

• Ibu ngadeg di kenca, panangana nyepeng angkeng putrana, teras ramana di palih katuhu nyepeng karembong anu dibeulitkeun dina cangkeng putrana siga nu ngais.
• Pirig ku kacapi suling lagu ayun ambing
• Ibu ramana calik dina korsi, aisan dilesotkeun, calon panganten deku di payuneun ibu ramana
• Teras sungkem (pirig ku kacapi suling, ngong sora nu ngagalindeng)

] Duh ibu, hapunten abdi, tiluhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, abdi rumaos sok luhur saur bahe carek, calutak kanu janten indung, bu, ngawitan enjing abdi kedah jengkar di payuneun ibu, kedah ngabakti kanu janten salaki, titis tulis nu moal tiasa di hapus, seja ngambah sagara rumah tangga, abdi undur ti payuneun ibu seja neda karidoan salira, laku abdi nu matak ngajaheutkeun manahna ibu, mugi kersa ngahapunten, basa abdi nu matak nyuat kana rasa, mung ibu ngajanglarkeun, ibu, sakali deui abdi hapunten.

Indung
Anaking pupujaning hate ibu, tawising jirimning suci, tanggeuyan murba jatnika, hidep di ayu ambing, ti kandung dugi ka hidep sawawa, dihapunten ku ibu lahir sareng batin, jalan gede sasapuan, taya gantar kakaitan, jaga diri hidep anaking, sing jadi isteri nu gumati, sing jadi indung anu landing kandungan, laer aisan, dihampura ku ibu anaking, juuhna cipanon indung sing jadi rohmat keur hidep.
Rengse sungkem ka ibu teras ka ramana,
Apa, hapunten abdi sok bedang sareng wangkelang, apa anu nyayuga abdi, nu heman ka abdi, rambut hideung janten bodas, tanaga bedas dugi ka suda, alatan bela ka abdi, hapunten abdi bapa.

Bapana
Anaking, indung tunggulna rahayu, bapa catangna darajat, dihampura ku bapa anaking, balungbang timur, caang bulan orat belas, prak hidep sing jadi isteri nu sajati, tuhu kanu jadi salaki, kalawan wadel ku iman sareng taqwa ka Allah.
Rengse sungkeman, calon panganten ngawasuh dampal sampean ibu ramana, teras die lap, saparantos rengse nembe nganggo minyak seungit.

MC : alhamdulillah, rengse acara sungkeman ku urang sadaya parantos kabandungan, mangga ayeuna urang teraskeun kana acara siraman.
Calon panganten digendeng ku ibu ramana nuju ka saung temoat siraman, ibu-ibu pangaosan, ngaos ngaos solawat di pingpin ku…….
Cag rengse acara ngaras sareng siraman, dilajengkeun kana acara ngeuyeuk seureuh.
More details..
0

Cara Ngalaksanakeun Upacara Adat Panganten

Tatacara adat panganten anu dilaksanakeun diantarana :

1. Sawer Panganten

Sawer asal kecapna tina awer nu ngandung harti awur, aya sabagian anu nyebutkeun yen sawer the teu parok jeung aturan agama sababna alesanana mubazir, saenyana lamun ditengetkeun ku urang, sawer mibanda hari yen urang the dina ngawangun laki ribu kudu daek ngalaksanakeun sodakoh, bias dirobah sangkan nyawer the teu mubazir, nyaeta teukudu make beas, cukup we duit jeung permen, dina sawer panganten pinuh pisan ku papatah pikeun duanana, kumaha carana ngawangun hiji rumah tangga, tur kumaha cara ngalaksanakeun hak sareng kawajiban sewang-sewangan.

Kecap sawer :

Nyukcruk galur ti karuhun
Mapai lacak para wali
Nyambung ka balarea
Titinggal ti nini aki warisan kabudayaan
Seni sunda sawer

Neda agung cukup lumur
Neda jembar punyakseni
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi di tampi

Ka hidep mugi di tungkup
Pepeling tawis kaasih
Pigeusaneun hidep mulya
Ngarandapan lakirabi
Ngamudi na rumah tangga
Sanggah panggih tentrem ati ati

Ka euis puputon kalbu
Muga hidep sing nastiti
Lebah ngalap rumah tangga
Kapanutan sing gumati
Tuturkeun dunya akherat
Kitu kawajiban istri-istri

Piwuruk euis sakitu
Catet dina sanubari
Kantun ieu pamegetna
Aduh kasep deudeuh teuing
Ieu piwulang tarima
Regepkeun ku sanubari

Asep mimiti di wuruk
Dangukeun ku dua cepil
Simpenan dimanah nu jembar
Ayeunamah beda deui
Jaman hidep lalagasan
Teu aya anu meredih

Ti wangkid ieu kapayun
Asep kedah kawajiban
Ngurus-ngatur raki-rabi
Anu kudada kaduga
Geusan asep hirup mulya

Saur Rosululoh estu
Rejekimah tetep puhit
Kawas arek hirup lana
Tapina kudu sabanding
Jeung ibadah ulah pegat
Sing kawas ajal rek tepi

Nyawer teh gening sakitu
Runtut raut sauyunan
Kacai jadi saleuwi
Kadarat jadi salogak
Runtut raut sauyunan
Jauh balai parek rejeki
Wur tawur jati rahayu
Rahayu manjing walagri
Dahur pikeun salawasna
Pinayungan maha suci
Ginanjar sapapaosna
Amin ya robal alamin
Wur tawur jati rahayu
Rahayu manjing walagri
Kakemben saksina lampah
Ngalampah ringkang sorangan

Kujang kemben mapasangan
Lambing atikan kaheman
Ayeuna rek disanggakeun
Kujang kemben tuturunan geulis
Tampi ku ibu rama



2. Meuleum Harupat

Carana panganten pahareu-hareup, nu lalaki nyepeng harupat terus disundut, istrina nyepeng kendi isi cai, harupan anu hurung the diasupkeun kana kendi. Ieu ngandung harti yen salaki the ulah getas harupateun, ulah teu kaopan, ulah sakulit bawang dina nyanghareupan adapt atawa laku nu jadi pamajikan, oge kitu sabalikna yen nu jadi pamajikan ulah jadi kompor nu bias nyeungeut amarah anu jadi salaki, anggur kudu jadi panggeuing, geuning saur Rosululoh, imah the surga, tah mun duanana tos tumaninah, susah senang babarengan antukna urang baris cunduk kana wangunan rumah tangga anu sakinah, mawadah, sareng warohmah.

3. Nincak Endog

Anu teu apal kana maksudnamah, ieu teh teu meunang, da cenah teu parok deui jeung aturan agama, ari nincak endog teh ngandung harti anu jero, kolot baheula geus ngawawadianan masalah hubungan sex salaki pamajikan, dua-duana kudu pada ikhlas, pamajikan teu meunang mondah kahayang salaki najan kumaha bae. Sabab bisa jadi dosa, dina ngalaksanakeun kawajiban ulah hayang meunang sorangan. Dawuh Rosululoh, yen teu meunang hiji salaki ninggalkeun pamajikan ku jalan sare, bari dina kaayaan pamajikan hanjelu, jadi sauyunan teh dina sagala widang kaasup dina ngalaksanakeun kawajiban antara salaki pamajikan. Tur deuih kacida teu meunang boh salaki, boh pamajikan ngucah ngaceh rusiah rumah tangga utamana kakurangan anu aya dina diri masing-masing. Kitu tah tujuan nincak endog the.

Cara nincak endog :
Cobek atanapi coet alit diluhurna simpen model sumpit, teras luhurna tindihan ku talenan, di luhur talenan simpen endog anu parantos dibungkus ku plastic. Tincak sing tarik dugi ka remuk. Saparantos nincak endog, teran sampean caroge dikumbah ku cai nu aya dina kendi teras kendina diangkat ku duaan, teras di peupeuskeun.

4. Buka Panto

Ieu oge adat nu kacida hadean, tur ku urang kudu di aji jerona pamaksudan. Memeh asup panganten awewe tos tiheula terus lawang panto teh ditutup ku samping kebat. Lalakina tetep diluar, biasana pake juru kawih lalaki jeung awewe. Ieu tata cara buka panto ku urang kudu dilenyepan, geuning kolot baheulamah tos ngajarkeun yen awewe anu tos boga salaki teu meunang narima semah kitu bae, majar teh bisi aya jurig nyiliwuri. Antukna bisa jadi fitnah nu bakal mawa mamala pikeun hiji rumah tangga. Payus pisan da ajaran islam oge pamajikan teu meunang narima semah nu lain mahramna dina waktu salakina teu nyampak.

Kecap buka panto :

Caroge : sampurasun 2x (panto di ketrok 3x)
Isteri : saha eta anu diluar / kurang tata titi surti / taya pisan bemakrama
Caroge : panutan eulis sajati / datang mawa kabagjaan.
Isteri : palangsiang nyiliwuri / ngaku-ngaku panutan / inggis jalma mamalihan.
Caroge : teungteuingeun duh enung / beut luluasan.
Isteri : panutan abdimah aya / mung kiwari teu aya linggih / ngipayahan rumah tangga / gancang nyingkah geura indit.
Caroge : tayohna eulis kasmaran / galindeng sora kakasih / panutan anu bumela / beubeulahan nyawa eulis / panyileukan 2x / jungjunan nya lahir batin.
Isteri : bae sumangga nya lengah / upami panutan abdi / ucapkeun dua syahadat / tawisna nya iman islam / tangkep papagon agama.
Caroge : duh Allah num aha agung / engkang ngangken ka anjeuna / nyaksi Muhammad rasulna
Isteri : bagja pisan duh panutan / panutan siang jeung wengi.
Caroge baca dua kalimah syahadat.

5. Huap Lingkung

Biasana dua panganten nyepeng bakakak hayam, pek dibetot ku duanana, ieu ngandung harti yen salaki jeung pamajikan teu meunang pakia-kia dina usaha. Gede jeung leutikna pangarah teu jadi ukuran nu penting duanana pada-pada ikhlas. Teras indung bapa ka dua panganten ngahuapan, huap anu panungtung, dimana tos ngarumah tangga mah, hirup teh kudu mandiri ulah tepi kadisaeuran bae ku kolot. Rengse eta dua nana silih huapan yen dua nana kudu silih mika asih, silih pika nyaah teu ka wates ku waktu.



6. Sungkeman

Ieu dilaksanakeun sabada akad nikah, yen dina ngawangun rumah tangga, urang moal tiasa leupas tina pangjurung sareng doana ti indung bapa, indung tunggulna rahayu, bapa catang nu darajat, nyaah jeung deudeuh moal pegat najan tos katalian ku beungkeutan raki rabi.

Kecap sumkeman :

Anak : ibu…. / nyaah sareng kadeudeuh ibu teu pernah suda / kaasih teu weleh nyanding rohimna ibu tan wates wangen di ayun ambing, pinuh ku mika deudeuh hapunten abdi ibu…salira ngandung salapan sasih lamina sabar teu kangtos ngangluh ayeuna abdi seja ngambah sagara rumah tangga neda ridho sareng du’ana mugi abdi sing janten istri sajati istri nu gumati ka salaki.

Ibu : anaking…., kanyaah sareng kadeudeuh ibu tong jadi itungan nu bakal meunggaskeun tekad hirup bral anaking, jembarkeun manah pikeun rarabi, kanyaah sareng kadeudeuh indung mual suda najan hidep tos rarabi dalah ulah nepi ka pati. Anaking…., putra ibu, hidep sing tetep marahman bungah najan ditiban ku susah salaki tempat urang babakti sing ikhlas anaking.

Anak : bapa…., salira ngambah sagara pikeun nyecepkeun kaheman langkah salira teu weleh nganjeur sangkan abdi suka sareng gumbira. Bapa…, hapunten abdi, abdi teu acan tiasa mulang tarima abdi teu weleh dirawu di pangku najan kesang lamokot bapa ulah ngalesotkeun aisn abdi rempan.

Bapa : anaking…., anak bapa, ulah leutik hate bageur hidep di ayun ambing ku kaheman hidep baris laki rabi sing gumulung dua hate ngajadi hiji sing runtut raut sauyunan anaking ulah rek lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang ulah rudet mun hirup pajeujeut ulah sabaha mun ngambah kanyeri Allah num aha agung, sing jadi tetekon hidep duaan, anaking…,

Minantu : ibu…apa…, ieu abdi ulah disaha-saha, tampi abdi kalayan ikhlas, ulah diantep, pami abdi lepat clik putih clak herang salira tos janten ibu rama abdi.

Mertua : anaking…, hidep tos jadi putra ibu sareng apa, ulah tumarumpang, anaking bingah liwat saking hidep amanat anu bakal neruskeun pupuhu. Nu bakal nyanding kaasih dunya sareng akherat, bae anaking…, hidep teh anak ibu sareng apa.
More details..

Masrahkeun Calon Panganten Lalaki

MASRAHKEUN CALON PANGANTEN LALAKI

Bismillah….
Ass.Wr.Wb

Minangka bubuka pisanggem, sim kuring nyanggakeun sadaya puji ka alloh nu mubreng alam, anu midamel sareng ngurus bumi-langit katut sapangeusina. Ku ayana widi ti Ayeuna, urang sadaya tiasa kumpul didieu, enggoning nepangkeun sareng manjangkeun silaturahmi, antawis kulawargi ti soreang sareng kulawargi ti katakpang. Mugi-mugi wae ieu pajemuhan the aya dina rido sareng ginulur rahmat Gusti yang Widi.
Bapa miwah ibi suhadma sakalih, pun lanceuk sawargi-wargi dongkap ka dieu the seja aya nu dipimaksud. Rupina ka bapa sareng ibu suhadma oge parantos ka galih. Naming teu aya lepatna saupami ku sim kuring didadarkeun deui kalawan langkung tandes. Janten kieu gek-gekannanamah.
Pun lanceuk the gaduh budak, upami dipapandekeun kana hayam mah nuju jajangkar. Duka kumaha ngawitanana, eta pun alo the sering ngalalar ka katapang. Meusmeus kareles teu aya ti rorompok. Sihoreng teu aya nu di anjing cai, aya nu di heroan. Lami-lami rupina the dugi ka wanton uggah. Tetela geuning pun alo the tos kabandang ku mojang lenjang pancaran katapang, anu taya sanes putra kameumeut bapa sareng ibu suhadma, nyaeta neng Enok Sariningsih tea.
Pun lanceuk the aya bingah, aya rempan. Dupi bingahna, eta geuning gaduh budak lalaki, pun Sakim tea, tos taya gerents niat rarabi. Ari rarabi the, kangge urang anu nganut agama islam, apan janten sasawios sunh rorul. Jalaran kitu, rumah tangga the bagian mangrupi tina ibadah. Eta rupina kabingah anu teu kinten ageungna. Dupi anu matak jadi rempan, boh bilih mojang anu dipikahoyong ku pun Sakim the ninggang kana babasan lain bangban lain pancing; lain babad lain tanding, piit ngendeuk-ngendeuk pasir cileunvang mande sagara. Margi tangtosna oge tos kauninga ieuh, kulawargi pun lanceuk the estu bibit buit pilemburan, urang kampong bau lisung, lundayan bulu taneuh tukang bebelokan dina leutak. Moal bade di sumput-sumput, da tos nembrak ieuh. Mung sakieu buktosna.

Bapa miwah ibu suhadma sakalih

Ayeuna cunduk waktuna datang mangsana, babantenan kulawargi pun lanceik sareng kulawargi bapa suhadma the bade dipaheutkeun dinten ieu pisanKu anu haladir di dieu oge tangtosna tos kasaksen, kumaha dadahutna bapa sareng ibu suhafdma kanggo ngalaksanakeun jatukrami putrana.
Taya lepatna ku sim kuring di dugikeun ka bapa sareng ibu suhadma, rehna lerespisan pun sakim the upami di tinggal lahiriahna mah parantosjalugjuk jangkung, naming jero-jero namah masih keneh seueur katunana. Sepi harti, tuna pangabisa, janten masih keneh bingbinguen. Upami di papandekeun kana pacul mah, pacul nembe bijilti gosali, daranna during kawung anu masih kene kasar teu acan ngambeu hampelas. Seseg, ari sesegnamah, mung duka raoseun heuteuna mah. Mugi-mugi ieu pacul weuteuh the mendak sawah anu lendo. Rupina the, ken wae sina teras terasan macul, engke oge geura teu burung panen.
Bapa miwah ibu suhadma sakalih,

Pun sakim, ibu ramana, katut sawargi-wargi ngahaja dongkap ka dieu, naming punten wae, dongkapna rombongan kulawargi pun lanceuk the estu mung ukur bade nyesahkeun. Teu jingjing, teu bawa, komo upami di tuturkeun ku anu naranggung dongdang sapuratina mah. Heunteu, teu pisan. Sanes teu aya maksad,tapi kumaha da mung sakieu buktosna. Sanaos kitu, ieu mah yamba indit ngaligincing tamba keupat ngagandeuang tanba pamali teuing, aya ari kagegelan mah ti pun alo. Hatur lumayan wae aya encit sacewir etang-etang kanggo minuhan juru dapur, sareng lalab rumbah kenging ngeundeur sa aya-aya. Paralun, sanes bade ngahinakeun, ieu mah estu tawis kabingah anu clik putih clak herang, medl tina ati nu wening. Babahanan nu mung saya-aya pisan, kenging kampal kempe lading rikrik gemi, belaan ngadua-duakeun tina huap. Pamugi wae bapa miwah ibu suhadma teu ningali tina jihat pangaos sareng rupina. Mangga nyanggakeun ieu oge.
Sakitu anu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, pamugi agung cukup lumur kersa ngahapunten, minangka pamungkasna, sim kuring ngadunga ka anu maha kawasa, pamugi wae rumah tangga anu bade di wangun ku pun Sakim sareng Neng Enok sinh aya dina rido Gusti. Sing lambat-lambat dugi ka pakotrek iteuk. Atuh para sepu sareng wargi-wargi ti dua pihakanana sing tiasa maparin tuladan anu sae.

Cag, teundeun di handeuleum hieum, tunda hanjuang siang, paranti nyokot ninggalkeun.
Wassalamualaikum.Wr. Wb.
More details..
0
  • facebook icon
  • twitter icon
  • rss feed icon
  • email icon