Recent Post

Tampilkan postingan dengan label Pengetahuan Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pengetahuan Sunda. Tampilkan semua postingan

Jumat, 11 Juni 2010

Bahasa jeung Paribasa

1. Atah anjang : langka silih anjang
2. Adigung adiguna : takabur, sombong
3. Ambek nyedek, tangga midek : nafsu gede tapi tanaga euweuh
4. Anjing ngagogongan kalong : mikahayang nu lain-lain
5. Adat ka kurung ku iga : lampah goring hese leungitna
6. Anu borok dirojok, anu titeuleum di simbeuh : mupuas kanu keur cilaka
7. Aya jurig numpak kuda : aya milik nu teu di sangka-sangka
8. Aya jalan komo meuntas : aya kahayang aya nu ngajak
9. Awewe dulang tinande : awewe nurutkeun kahayang lalaki
10. Abong letah teu tulangan : sagala dicaritakeun najan pikanyerieun batur
11. Ari umur tunggang gunung, kalakuan pecat sawed : ari umur geus kolot, ari kahayang siga budak ngora
12. Agul ku paying butut “ agul ku turunan
13. Asa ditonjok congcot : ngarasa bungah pisan
14. Adean ku kuda beureum : ginding ku pakean nu meunang nginjeum
15. birit supaheun : teu daek cicing
16. Biwir nyiru rombengeun : resep nyaritakeun rusiah atawa kagorengan batur
17. Bengkuk ngariung bongkok ngaronyok : sauyunan, ngariung
18. Bali geusan ngajadi : lemah cai kalahiran
19. Balumbang timur : nuduhkeun hate beresih
20. Bobot sapanon babat sapakan : aya kakurangan
21. Bilatung ninggang dage : bungah pisan
22. Batok bulu eusina madu : ninggang lain pitempateunnana
23. Bonteng ngalawan kadu : nu hengker ngalawan nu bedas
24. Bali pepeh : nu gearing teu daek cicing
25. Balik ka temen : asal banyol jadi pasea
26. Bodo alewoh : bodo tapi daek tatanya
27. Beja mah beje : beja ulah waka dipercaya
28. Budak keur meujeuhna dulang : keur meujeuhna beuki dahar
29. Beak dengkak : sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
30. Batan kapok kalah gawok : batan eureun kalah maceuh
31. Buruk-buruk papan jati : hade goring dulur sorangan
32. Deukeut-deukeut anak taleus : deukeut tapi aya nu nyahoeun
33. Dihin pinasti anyar pinanggih : papasten geus ditangtukeun ku Gusti Allah
34. Elmu ajub : bias mapatahan ka batur, ari sorangan teu bias ngamalkeun
35. Gede gunung pananggeuhan : boga andelan pedah boga dulur beunghar
36. Goong saba karya : nonjolkeun maneh sangkan ka pake ku dunungan
37. Gurat batu : pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
38. Hambur congcot murah bacot : goring carek tapi berihan
39. Hurung nangtung siang leumpang : nu beunghar pangabogana dipake
40. Hejo tihang : sok pundah pindah pagawean
41. Halodo sataun lantas ku hujan sapoe : kahadean mang taun-taun leungit ku kagorengan sapoe
42. Kawas bueuk meunang mabuk : ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
43. Kawas beusi atah beuleum : beungeutna beureum awahing ku ngambek
44. Kokolot begog : budak pipilueun kana urusan kolot
45. Kejot borosot : gancang nyokot kaputusan henteu di pikir heula
46. Kahieuman bangkong : jiga beunghar pedah katitipan barang batur
47. Katempuhan buntut maung : batur nu boga dosana, urang nu katempuhannana
48. Kelek jalan : deukeut tapi jalana taya nu lempeng
49. Kaciwit kulit kabawa daging : anak nu boga dosana kolot nu kababawana
50. Kalapa bijil ti cungap : rusiah dicaritakeun ku sorangan
51. Kawas kacang ninggang kajang : nyaritana cepetan tur gancang
52. Kulak canggeum : milik nu geus ditangtukeun ku gusti Allah
53. Kawas cucurut kaibunan : goring patut pisan, kulimis
54. Leutik-leutik ngagilitik : awakna leutik tapi gede kawani
55. Lodong kosong ngalentrung : jalma loba ngomong pangartina kosong
56. Mindingan beungeut ku saweuy : ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur nyahoeun
57. Miyuni kembang : loba nu mikaresep
58. Miyuni kohkol : nasibna diteunggeulan wae ku batur
59. monyet dibere sesengked : nu rek jahat dibere parabot
60. Monyet ngagugulung kalapa : boga elmu teu nyaho maksudna
61. Nu asih dipulang seungit : kahadean di bales ku kahadean
62. Ngeungeut dammar di suhunan : barang bere haying kapuji
63. Nyalindung ka gelung : nu teu boga kawin ka awewe nu beunghar
64. Ngeupeul ngahuapan maneh : ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
65. Nangkep mawa eunyeuh : ditulungan akhirna nyilakakeun nu nulungan
66. Oray nyampeurkeun paneunggeul : nyampeurkeun pi bahayaeun
67. Panjang lengkah : jauh panyabaannana, loba pangalamannana
68. Paeh teu hos hirup teu neueut : gering ngalanglayung
69. Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir : jalma lemah ngalawan nu kuat
70. Pagiri-giri calik pagirang-girang tampian : pakia-kia teu daek sauyunan
71. Silih jenggut jeung nu gundul : silih tulungan jeung nu teu boga
72. Sibanyo laleur : ngan saliwat geus beak deui
73. Saur manuk : ngajawab bareng
74. Titip diri sang-sang badan : miharepkeun maneh
75. Teu beunang dikoet kun u keked : medit pisan
76. Tingongkoak tepi ka ngungkleuk : ti ngora nepi ka kolot
77. Teng manuk teng anak merak kukuncungan : kalakuan kolot nurun ka anakna
78. Tuturut munding : sagala rupa nurutkeun batur
More details..
0

Undak Usuk Basa Sunda

Undak usuk Basa Sunda nyaeta panta-panta basa atawa tatakrama basa, nu dibagi kana genep panta (R.I Adiwijaya):
1. Basa luhur
2. Basa lemes
3. Basa sedeng
4. Basa kasar/cohag
5. Basa kasar pisan
6. Basa panengah

1. Basa luhur (Tara dianggo)
Dianggo kanggo ka Raja, Presiden sareng ka kulawargana
2. Basa lemes
Dianggo ka saluhureun, atawa kanu can wanoh;
a. Lemes keur batur
b. Lemes keur sorangan
3. Basa sedeng (Loma)
Dianggo ka babaturan nu akrab
4. Basa kasar
Dianggo ka sahandapeun, nu akrab pisan
5. Basa kasar pisan
Dianggo lamun keur ambek atawa ka sato, bias oge ka babaturan nu akrab pisan
6. Basa panengah
Dianggo ka sahandapeun (Contona; ka padamel) nu yuswana langkung sepuh.

Tarapna basa lemes, aya 9 syarat (Hidayat Suruyalega);
1. Aya tekad ngajenan batur
2. Pasemon marahmay
3. Rengkuh
4. Lentong
5. Milih basa
6. Anggoan
7. Luyu sareng waktu
8. Tempat
9. Kaayaan nu dicandak nyarita
Basa Lulugu nyaeta; aturan cara make basa, nu geus ditangtukeun ku masyarakat nu make eta basa. Basa Sunda di wewengkon Bandung dijadikeun basa lulugu;
1. Basa Sunda di wewengkon Bandung bakal mampuh nga-mekarkeun Basa Sunda jadi basa panganteur di sakola-sakola
2. Bandung jadi puseur dayeuh tatar sunda
3. Bandung luyu jadi wewengkon pikeun nga-mekarkeun Budaya Sunda tur basana
4. Sagala kegiatan administrasi pamarentahan, politik, kabudayaan, atikan, ekonomi, jsb museur di Bandung.
Cirri-ciri basa lulugu:
1. Mampu numuwuhkeun mekarna basa
2. Tumut kana aturan, cara make, undak usuk, ejahan, jst.
3. Mibanda sajarah nu tangtu
4. Mampu mekarkeun basa tur budayana
5. Mibanda palanggeran ejahan nu tangtu.
More details..
0

Tahapan-tahapan jaman Basa Sunda

a. Mangsa taun 1600-1800
- Taun 1579, Padjajaran runtag dirurug ku Maulana Yusuf ti Banten. Harita basa Sunda asli keneh, can kapangaruhan ku Jawa jeung Arab
- Sabada Padjajaran ngadeg taun 1559, Jawa kulon dibagi opat bagean:
1. Cirebon
2. Banten
3. Priangan
4. Batavia
- Kalungguhan basa Sunda jadi ngurangan. Asalna “Basa Negara” (Galuh, Sunda, Padjajaran), jadi “Basa Daerah”
b. Sunda samemeh abad 16
Dugi ka abad 16, teu aya undak-unduk basa Sunda, buktina dina:
1. Prasasti Bogor
2. Prasasti Kawali
3. Cerita Parahyangan
Conto prasasti parahyangan:
Sadatang Sang Patih ka Galunggung, carek Batara Danglang Guru;
“ Na naha beja siya Sang Patih? “
“ Pun, kami dititah ku Rahyangta Sanjaya, menta piparentaheun, adi Rahyang Purbasara henteu dibikeun ku Batara Dangiang Guru!”
Gunem Catur, Patih sareng Raja.
(Aca 1980)
c. Mangsa taun 1800-1900
- Sunda dijajah Walanda. Ti harita Basa Sunda ditalungtik ku bangsa deungeun (Raffles) keur kaperluan atikan (Studi)
- Aya kamus basa Sunda (kar. R. Kartawinata), hiji bukti yen basa Sunda dipae ku masyarakat Sunda.
d. Mangsa taun 1900-1945 Masehi
- Jepang asup, musuh Walanda. Basa Sunda campur Walanda dilarang. Diwajibkeun make Basa Melayu
- Medal buku-buku;
a. Kamus Sunda-Melayu
b. Kamus Sunda-Indonesia
c. Kamus Indonesia-Sunda
Kabudayaan Sunda kapangaruhan ku;
a. Kabudayaan Melayu
b. Kabudayaan Jawa-Mataram
c. Kabudayaan Arab
d. Kabudayaan Belanda
More details..
0
  • facebook icon
  • twitter icon
  • rss feed icon
  • email icon