Recent Post

Jumat, 11 Juni 2010

Masrahkeun Calon Panganten Lalaki

MASRAHKEUN CALON PANGANTEN LALAKI

Bismillah….
Ass.Wr.Wb

Minangka bubuka pisanggem, sim kuring nyanggakeun sadaya puji ka alloh nu mubreng alam, anu midamel sareng ngurus bumi-langit katut sapangeusina. Ku ayana widi ti Ayeuna, urang sadaya tiasa kumpul didieu, enggoning nepangkeun sareng manjangkeun silaturahmi, antawis kulawargi ti soreang sareng kulawargi ti katakpang. Mugi-mugi wae ieu pajemuhan the aya dina rido sareng ginulur rahmat Gusti yang Widi.
Bapa miwah ibi suhadma sakalih, pun lanceuk sawargi-wargi dongkap ka dieu the seja aya nu dipimaksud. Rupina ka bapa sareng ibu suhadma oge parantos ka galih. Naming teu aya lepatna saupami ku sim kuring didadarkeun deui kalawan langkung tandes. Janten kieu gek-gekannanamah.
Pun lanceuk the gaduh budak, upami dipapandekeun kana hayam mah nuju jajangkar. Duka kumaha ngawitanana, eta pun alo the sering ngalalar ka katapang. Meusmeus kareles teu aya ti rorompok. Sihoreng teu aya nu di anjing cai, aya nu di heroan. Lami-lami rupina the dugi ka wanton uggah. Tetela geuning pun alo the tos kabandang ku mojang lenjang pancaran katapang, anu taya sanes putra kameumeut bapa sareng ibu suhadma, nyaeta neng Enok Sariningsih tea.
Pun lanceuk the aya bingah, aya rempan. Dupi bingahna, eta geuning gaduh budak lalaki, pun Sakim tea, tos taya gerents niat rarabi. Ari rarabi the, kangge urang anu nganut agama islam, apan janten sasawios sunh rorul. Jalaran kitu, rumah tangga the bagian mangrupi tina ibadah. Eta rupina kabingah anu teu kinten ageungna. Dupi anu matak jadi rempan, boh bilih mojang anu dipikahoyong ku pun Sakim the ninggang kana babasan lain bangban lain pancing; lain babad lain tanding, piit ngendeuk-ngendeuk pasir cileunvang mande sagara. Margi tangtosna oge tos kauninga ieuh, kulawargi pun lanceuk the estu bibit buit pilemburan, urang kampong bau lisung, lundayan bulu taneuh tukang bebelokan dina leutak. Moal bade di sumput-sumput, da tos nembrak ieuh. Mung sakieu buktosna.

Bapa miwah ibu suhadma sakalih

Ayeuna cunduk waktuna datang mangsana, babantenan kulawargi pun lanceik sareng kulawargi bapa suhadma the bade dipaheutkeun dinten ieu pisanKu anu haladir di dieu oge tangtosna tos kasaksen, kumaha dadahutna bapa sareng ibu suhafdma kanggo ngalaksanakeun jatukrami putrana.
Taya lepatna ku sim kuring di dugikeun ka bapa sareng ibu suhadma, rehna lerespisan pun sakim the upami di tinggal lahiriahna mah parantosjalugjuk jangkung, naming jero-jero namah masih keneh seueur katunana. Sepi harti, tuna pangabisa, janten masih keneh bingbinguen. Upami di papandekeun kana pacul mah, pacul nembe bijilti gosali, daranna during kawung anu masih kene kasar teu acan ngambeu hampelas. Seseg, ari sesegnamah, mung duka raoseun heuteuna mah. Mugi-mugi ieu pacul weuteuh the mendak sawah anu lendo. Rupina the, ken wae sina teras terasan macul, engke oge geura teu burung panen.
Bapa miwah ibu suhadma sakalih,

Pun sakim, ibu ramana, katut sawargi-wargi ngahaja dongkap ka dieu, naming punten wae, dongkapna rombongan kulawargi pun lanceuk the estu mung ukur bade nyesahkeun. Teu jingjing, teu bawa, komo upami di tuturkeun ku anu naranggung dongdang sapuratina mah. Heunteu, teu pisan. Sanes teu aya maksad,tapi kumaha da mung sakieu buktosna. Sanaos kitu, ieu mah yamba indit ngaligincing tamba keupat ngagandeuang tanba pamali teuing, aya ari kagegelan mah ti pun alo. Hatur lumayan wae aya encit sacewir etang-etang kanggo minuhan juru dapur, sareng lalab rumbah kenging ngeundeur sa aya-aya. Paralun, sanes bade ngahinakeun, ieu mah estu tawis kabingah anu clik putih clak herang, medl tina ati nu wening. Babahanan nu mung saya-aya pisan, kenging kampal kempe lading rikrik gemi, belaan ngadua-duakeun tina huap. Pamugi wae bapa miwah ibu suhadma teu ningali tina jihat pangaos sareng rupina. Mangga nyanggakeun ieu oge.
Sakitu anu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, pamugi agung cukup lumur kersa ngahapunten, minangka pamungkasna, sim kuring ngadunga ka anu maha kawasa, pamugi wae rumah tangga anu bade di wangun ku pun Sakim sareng Neng Enok sinh aya dina rido Gusti. Sing lambat-lambat dugi ka pakotrek iteuk. Atuh para sepu sareng wargi-wargi ti dua pihakanana sing tiasa maparin tuladan anu sae.

Cag, teundeun di handeuleum hieum, tunda hanjuang siang, paranti nyokot ninggalkeun.
Wassalamualaikum.Wr. Wb.

Share/Bookmark

0 komentar:

Posting Komentar

  • facebook icon
  • twitter icon
  • rss feed icon
  • email icon