Recent Post

Jumat, 11 Juni 2010

Seserahan

PROTOKOL

Alhamdulillah, puji syukur kasanggakeun ka gusti numaha nangtayungan urang siang sareng wengi. Mugi-mugi rahmat miwah barokahna, ginuluran ku urang sadayana. Khususna ka ieu dua nonoman neng…………………sareng………………., nu bade ngariung ka bale nyungcung.
Salajengna simkuring ngahaturkeun wilujeng sumping, sareng ngahaturkeun sewu nuhun laksaketi kabingahan wireh kasumpingan kulawargana bapak………….sarimbit anu di ajeng-ajeng kiwari parantos paamprok jonghok, patepang rarai.
Malar teu ngalantur ngawur saur tanpa bukur, acara seserahan ieu bade dikawitan ku ngaos Al-qur’an anu bade di aoskeun ku saderek………….mangga dihaturan ka payun.

PROTOKOL

Mugi-mugi aosan ayat suci Al-qur’an sing janten rohmat kanggo urang sadayana. Para wargi, sok sanaos sadayana sami-sami surti kana pamaksadan dua kulawargi, moal cekap surti mung kedah disarengan ku ucap lisan. Kukituna dihaturan kapayun bapa……..anu bade ngawakilan kulawargi bapa………

Assalamualaikum
Bapak…..ibu……., miwah para wargi sadaya, sateuacana sim kuring medarkeun pamaksadan langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun wilujeng tepang ka para sepuh miwah para wargi sadaya. Mudah – mudahan ku patepung lawung na ieu sing ngajantenkeun tali mimitra ngarangketkeun babarayaan, sapagodos sareng pidawuh Allah dina serat al-hujrat ayat 13 (serat ku hidep).
Kukituna, kuayana ayat nu nembe, urang sadaya tiasa tepang antawis sim kuring khususna, umumna rombongan ti calon panganten pameget, sareng para sepuh ti pihak calon panganten istri.
Kalih ti eta sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun laksaketi kabingahan kana kasaean sohibul maksad, anu gasik nampi gancang mariksa, sami luntur kalbu nampi ieu rombongan kubudi parangi mariksa sareng marahmai, tawis jembar manahna sawangsulna, pamugi sesepuh ti pihak isteri, agung-agungnya paralun jembar – jembar hampurana anu kasuhun, wireh dongkap tehestu hungkul matak sesahna bae, matak cua bae, teu aya bemak rama, tata titi duduga sareng peryoga taya siruaneun nana.
Bapa…ibu…, miwah para wargi sadaya, sim kuring jauh dijugjug, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes leumpang tanpa beja, jauh mo burung dating saur paripaos najan leuleus kundang iteuk, poek kundang dammar, hujan gede dipayungan, sumeleket sumolondo tumorojog tanpa rarapan dongkap ka ieu patempatan tue aya sanes, kantenan aya nu dipikamaksud, nyaeta nyambung saur nu kapungkur, neundeun carita anu baheula, rehna ieu pun anak parantos pakait jangji pasini hoyong ngajantenkeun subaya ngajirim eusi, kauntun tipung katambang beas laksana bakal ngajadi sareng hiji mojang, malati mustika ning ati neng…….tea.
Bapa….ibu…., miwah para wargi sadaya, sim kuring salaku wawakil ti pihak panganten pameget dina denget ieu, jam ieu, menit ieu, detik ieu, seja masrahkeun pun anak …………….ulang along marga hina indit peutingna dating beurangna, labuh curug ragrag jungkrang, burung parung wangkelangna, baliluna, culangung campelakna mangga nyanggakeun kana atikan sesepuh ti pihak istri, ti luhur sausap rambut, tihandap sausap dampal, getihna satetes, buukna salambar, ambekna sadami hirupna sareng huripna mangga nyanggakeun, bade dibeureum bade dihideung, rumaos leungit da sanes dipingit, rumaos teu ngagaduh-gaduh deui, bade dipiwarang naktak pundak, nanggung sundung ngala pangpung.
Bapa….ibu…., miwah para wargi sadaya, masrahkeun ge mung jinisna wungkul estu daun jeungjing jeung sendawa, digantelan kembang gula, henteu jingjing henteu bawa da sejana bade kumawula. Teu bungkus kosong-kosong acan teu aya boro-boroeun budak, anggeuy-anggeuy mawa seureuh unggah kana paripaos cunduk ukur mawa curuk, sumping ukur mawa cingir, datang ukur mawa tarang, cingir garing curuk bengkung tarangge pinuh ku kesang ceuk urang baduy tea mah lelenong samian lengoh, sumping teu barang jingjing, datang teu barang bawa.
Bapa….ibu….., miwah para wargi sadaya, nyanggakeun sabrang salayan da cabe mah pimanacun, nyanggakeun hatur lumayan da sae mah pimanaeun estu kanggo bebedag di sawah bebetek di hawu, babasah ari siram, tawis tatali asih panyimpai cinta antawis …………sareng neng………….. sumangga geulis tampi luhur handapna, ageing alitna nyanggakeun kana kajembaran.
Tadinamah sim kuring the hoyong nuturkeun jalur karuhun, mapai tata wong atua karo, mung nya kitu galurna teu katuturkeun, tatana teu lanyatakeun, mung sakieu kadugana, lir ibarat piit ngeundek-ngeundeuk pasir, jogjog neureuy buah loa, cecendet mande kiara. Pamugi sesepuh ti pihak istri ulah rengat panggalih, mugi kersa nawakup kana kahilapan sim kuring sadaya.
Mung sakitu bapa…ibu… para wargi sadaya, hapunten anu kasuhun sim kuring ngantos walerannana.
Wassalamualaikum.

PROTOKOL

Teu kedah dikomentar deui kasaksen kusadayana ayeuna kanggo ngadugikeun Kabul ti sohibul bait, mangga ka bapa…………dihaturan kanggo walerannana….(tulis bubukana ku hidep sorangan)

Bapa…..ibu…..miwah para wargi sadaya, dina waktos ieu sim kuring asa kagunturan madu, karagragan menyan bodas, kahujanan sarwa sari, wireh mancen tugas kanggo nampi calon panganten pameget anu kiwari parantos aya dipayuneun urang sadaya, naming barang sim kuring ngadeg dipayuneun para wargi, sadaya ngadak-ngadak bareuheudeun ngadon kasima, esa katengok tikoro, asa kateja elak-elakan, asa kapetik mamanik ceuk paripaos, pamatut asa disamber dudut, careham asa di pontrang tulang, kapurba ku pangawasa nu caralik, anu luhur panemu jembar panalarna. Ucap-ucapan keur pidato kenging ngapalkeun bet harilap deui lus les leuleungitan teu pupuguh, asa kapupul bayu kasima ngaraos era. Nanging kanggo nyumponan tindak tanduk usikna nu sariring dumadi. Kantenan teu sae upami sim kuring teu kedal ucap sareng lisan dina ieu panampian, teu sae miulam awi teu sae kurang ngilengan era-era oge bade maksakeun wakca balaka.
Bapa….ibu…., miwah para wargi sadaya, sateacana sim kuring nyanggakeun panampian, langkung tipayun ngahaturkeun wilujeng sumping ka rorompok, ka para tamu sadaya anu parantos kersa rurumpaheun sumping karorompok anu sakieu laifna. Kawantun ari teu gaduhmah teu tiasa dibuni-buni, kitu deui dina leresan panampian sim kuring, para wargi sadaya kirang tata titi, kirang duduga peryoga, henteu aya bemak rama, bilih henteu sapagodos sareng manah para wargi, sadaya mugia ageung sihapunten anu kasuhun.
Bapa….ibu…. miwah para wargi sadaya, dinten ieu mangrupi hiji dinten anu kacida endahna pinuh ku kabahagiaan, komo kanggo calon panganten mah pesta gede na atina. Patepung jantung-jantung awor rasa jeung rasa gumulung ati ngariung, kawantu hade poena, angina leutik ngadalingging dipirig ku sora suling, haleuangna juru kawih matak waas. Diwuwuh ti palihwetan sumirat nyaangan jagat lir ibarat ngiring bingah anu bade jatuk rami panganten. Kabingah dibarung kaewuh, raos ewuh ku panuduh, raos rempan ku titinggalan sok hariwang ku sangkaan, inggis ku bisi rempan ku beja, beubeureuh nu kapideudeuh, bebende buahna hate, luncat malang udar tali gadang sulaya tina jangjina, ahirna wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang.
Tapi kiwari simkuring bingah amarwata suta bingah taya papadana muji syukur ka ilahi robi rehna panutan nu dianti-anti titatadi kiwari parantos rauh di payuneun urang sadaya, jagong tuhur beunang ngunun dunungan bagea sumping, tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
Ibu…bapa…
Dasar cep…..lalaki lalanang jagat simar dada leber wawanen pinuh ku elmu panemu, jampe pamake samagreng ku cacandakan teuneung hideung maju jurit makalangan, mitembeyan ngolah rumah tangga anyar, pangdatang teu aya sanes tigin kana jangji pasini sapados ngajirim eusi subaya aya nyatana.
Bapa…ibu…..miwah para wargi sadaya, sakumaha anu parantos kakuping ku urang sadaya, sugri anu dicarioskeun sakitu beres roesna jentre merete entep seureuhna, atuh sim kuring salaku wakil ti pihak calon panganten isteri nampi kalayan kabingahanbalungbang timur caang bulan opat belas jalan gede sasapuan. Kantenan anu dipasrahkeun sakitu numpukna sanaos teu diantos – antos kirang kumaha deui, margi sanes seueur janten sae, tapi skedah janten seueur.
Sim kuring henteu owelan nganti-nganti kikiriman kulit awi sesebitan ngatian soteh jinisna, mung sarupi nu diperedih. Pamugi nu kasep ulah deuk lamor, senjata nu gaduh pamor, anu nunggal di karuhun, panuhun ulah kakantun.
Bapa…….ibu……miwah para wargi sadaya, sakali deui sim kuring nampi ku astakalih, kasuhun kalingga murda, moal diteundeun di handap-handap disuhun dina embun-embunan, dicatet dina ati sanubari, sareng pamugi naon-naon anu disanggakeun sing janten mangpaat kanggo anu panganten.
Bapa…….ibu……miwah para wargi sadaya, rupina dina acara panampian dialap cekap sakitu naming sakedik aya kagegelan, kanggo calon panganten pamugi diniatan ku hidep duaan dina ngalaksanakeun ieu pertikahan seja ibadah ka Allah SWT. Mangga urang sami ngaduakeun sangkan ieu calon panganten sing aya dina rahmat manten-Na, mulus rahayu berkah salamet, sing runtut raut sauyunan, kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak sareundeuk saigel, sabobot sapihaneun.
Bobot sapanon carang sapakan langkung saur bahe carek, mawur caturna, resak basana teu sapagodos sareng manah palawargi sadaya mugi agung sihapunten anu kasuhun. (salam)

PROTOKOL

Salajengna mangrupi tawis tatali asih anu bade disanggakeun ka ibu……………. Di tampi ku ibu…….. ….(duaan papayun-payun)
Para wargi sadayana, alhamdulilah acara seren sumeren parantos wekasan ilaharna acara dilajengkeun kana akad nikah naming ayeunamah bade dilaksanakeun upacara adat sunda Ngeuyeuk Seureuh ku kituna mangga urang sadaya urang nyaksian. Acara seren sumeren ditutup ku doa..(wassalam).










NYERENKEUN

Assalamualaikum Wr. Wb. Langkung tipayun puji syukur alhamdulillah, solawat miwah salam mugia ginuluran ka jungjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
Kana kawengian galih ku panampian nu kalintang utamina, sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun laksaketu kabingahan raos mobok manggih gorowong asa bade meuntas dipapag cukang, gaduh maksud hatur piunjuk ditaros pisan naon anu jadi patarosan. Teu bade dinding kelir sim kuring seja wakca balaka numawi nepangan bapa rawuh ibu miwah kanca mitra sadayana. Lain lantung tumbuh laku lain lentang tanpa beja, sumeja ngalaksanakeun pasang subaya sataun anu kalangkung, nyaeta ka tuang putra neng…..tea.
Bapa…….ibu……miwah para wargi sadaya, sim kuring salaku wawakil ti pihak calon panganten pameget, dina danget ieu, jam ieu, menit ieu, detik ieu, seja masrahkeun pun……..ulang along marga hina

Share/Bookmark

0 komentar:

Posting Komentar

  • facebook icon
  • twitter icon
  • rss feed icon
  • email icon