Recent Post

Jumat, 11 Juni 2010

Ngalamar

PROTOKOL

Assalamualaikum Wr. Wb
Ibu-ibu, Bapa-bapa, miwah hadirin ani di pihormat, langkung tipayun sim kuring nyanggakeun syukur alhamdulillah sarehna dina wanci anu mustari bari kenging ginuluran ti gusti num aha suci dugi ka urang sami-sami tiasa ruing mungpulung patepung lawung di bumina………………… anu maksadna bade ngaluuhan acara ngalamar.
Peryogi ka uninga, wirehna kulawarga bapa………….parantos ngedalkeun jangji bade sumping. Supados henteu nyangkolong kana waktos, pang wilujeng ti sohibul bait bade ka sanggakeun ka bapa………………………
Sabada nyanggakeun puji syukur ka gusti nu murbeng alam , anu parantos ngalimpahkeun karunia ka urang sadaya dina raraga ngalaksanakeun pamaksadan kulawargi bapa…………………….sareng bapa…………..kalayan tuhur pagununan ka para bapa miwah ibu katut kanca mitra sepuh anom murang kalih anu nembe sumping ti…………………. Parantos nyeri beuheung sosonggeteun bari teu weleh risi ku bisi rempan ku beja boh bilih aya halangan harungan dina tengah perjalanan. Ayeuna Alhamdulillah anu di antos parantos jonghok, raraosan plungplong, raraosan lenglang titinggalan bungangang taya karingrang, bingah amar wata suta sok sanaos menggah lelembutanmah maras miris, kapirig leutik tina kautamian. Kumargi eta disuhunkeun agung cukup lumurjembar pangampura tina samudaya kaayaan nu mung sakieu buktosna. Salajengna dibujeng enggalna bae, panuhun kuma wantun ngalulungsur salira bapa mugiya kersa ngadugikeun kandungan kalbu kereteging ati, medar ngadadar nu aya dina manah. Tangtosna ieu teh supados reugreug, ulah sapertos paripaos cau ambon dikorangan, sihoreng ambon sorangan. Atuh didieu nu geulis parantos elekesekeng teu genah nyandang teu genah nyanding, boh bilih panutan anu di anti-anti ngolembar ka irut isteri ti pengkolan. Sakitu panginten ti sim kuring mugi nawakup, teu rengat panggalih.

PROTOKOL

Salajengna sumangga ti pihak tamu kanggo gadugikeun pamaksadan dihaturanan kapayun bapa………………………

Assalamualaikum Wr.Wb
Hatur sewu nuhun laksaketi kabingahan kana panampian anu kalintang utami kalayan disarengan ku kawening galih ti lahir dugi ka batin. Salajengna supados henteu ngahamburkeun waktos, dibujeng enggalna bae, numawi jauh dijugjug anggang diteang, maksad nyukeruk ka puhu mapai ka sungapan sarehna aya harewos bojong ti pun anak……………mopoyankeun wireh anjeunna parantos nyengceum ka tineung, patali jangji pasini sareng urang ……………., pasang subaya ka neng…………….
Inggis batan maut hinis, boh bilih walanda hidueng soldadu, cau ambon di korangan, sim kuring ngawantun-wantun maneh tetelepek nahayaktos batu turun keusik naek, hoyong sidik nguping ti jinisna, kumargi aya paripaos, gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, mungguh hate jelema mah najan deet teu ka kobet. Kalihan ti eta sangkan taya genah panasaran malar ngahenang ngahening tiis ceuli herang panon, sakantenan hoyong eces dibeunjeur beaskeun naha neng…..teh teu acan ngaitkeun pikeun patali jangji sareng nu tisisi tigigir.
Dipungkas sakieu heula mugi katampi ku wening galih, simkuring ngantos waleran. Wassalam.

PROTOKOL

Salajengna ngalulungsur deui ka bapa……………. Supados nganggakeun pangwaler.

Alhamdulilah, puji syukur kasanggakeun ka gusti anu maha suci nu parantos ngalimpahkeun karunia nu teu aya wates wangena. Bapa miwah ibu …………………….., sim kuring raos ka gunturan madu karagragan menyan putih nguping pangersa tuang putra ………………….., kalayan dijejeran ku doa ibu ramana bari di wuwuh ku pangjurung para sesepuh, aya manah hoyong mileuleuheungkeun pun anak ………………………sanes saukur sapuk sareng lelembutan, ieumah aya onjoyna asa di tonjok congcot bingah amarwata suta. Pamundut anu nembe kapihatur sapuk pisan sareng lelembutan, kitu pisan kedahna, asak sasar, rintih taliti sing dugi ka ainal yakin, kumargi eta sim kuring bade tumaros ka jinisna langsung. “neng…..ngawakilan tuang ibu sareng rama, ngadugikeun patarosan den……, mugi diwaler satarabasna ulah aya nu didinding kelir. Naha leres neng….., parantos jangji pasini sareng salira den…………, kalayan kereteg ati pribadi atanapi aya nu maksa mirusa, sumangga diwaler.

Neng………”(kahoyong nyalira)”.
Bapa miwah ibu……………….. sakumaha anu parantos kadangu ku jinisna pituin, gening leres-leres batu turun keusik naek, teu aya anu maksa mirusa, kumargi kitu kalayan ngedalkeun Bismillahirrahmanirahim, pang lamar tuang putra den……, ka pun anak neng …………….., ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda, disarengan paneda kanu maha kawasa mugia pamaksada ieu barudak sing tiasa enggal kauntun tipung katambang beas, rupina cekap sakitu nu kapihatur. Wassalam.

PROTOKOL

Alhamdulillah, panglamar den…………, kalayan resmi parantos ditampi, supados langkung afdol, rupina teu aya lepatna mung urang ngindung ka waktu, ngabapa ka jaman, kukituna ieu pasini baris dipatri ku ali sangkan ulah incah balilahan.

Bapa…………………
Sakumaha anu kapihatur ku protocol nembe, ieu acara bade di euyeub ku tukeur cincin kanggo tawis yen nu geulis tos aya nu nyangking, nurutkeun galur kapungkur beubeureuh sok dicangreud pageuh nganggo seureuh, tapi alam kiwari, ilaharna dicirian ku ali. Mangga ibu……………….sareng ibu…………, dihaturan ka payun. Ibu………….. ngalebetkeun lelepan ka neng………., atuh ibu………………ngalebetan ka den………….., mangga dikawitan ku maos bismillahirrahmanirrahim kalayan jenengan gusti nu sifat rahman rohim, mugi-mugi ieu ali janten cirri pamatri ati, pamageuh kadeudeuh, panyangcang sukma ti dunya tug dugi ka akherat.


PROTOKOL

Alhamdulillah rengse acara tukeur cincin, urang pungkas ku du’a anu bade dipimpin ku pangersa bapa……….(jieun ku hidep susunan du’ana)

PROTOKOL

Hatur nuhun ka bapa………..anu parantos mingpin du’a, mugia Allah SWT ngabulkeun paneda urang sadayana. Ayeuna ibu………..bade nyanggakeun kagegelan ti den………….kanggo neng ………………., mugi ditampi ku ibu…………, sumangga dihaturanan kapayun. (ibu……. Nyanggakeun baki anu ditutup ku lawon hejo ditampi ku ibu…….).

PROTOKOL

Alhamdulillah acara parantos rengse, kalayan lungsur langsar, sumangga ka sadayana dihaturan nyanggakeun pangwilujengna bari sakantenan diteraskeun tuang sapulukaneun lumayan sabrang salayan.
Sakitu anu kapihatur , boh bilih bobo sapanon carang sapakan mugia jembar pangampurana.
Wassalam…

Share/Bookmark

0 komentar:

Posting Komentar

  • facebook icon
  • twitter icon
  • rss feed icon
  • email icon